Kamis, 06 Desember 2012

PUISI

PASIR KURING
Yasana : Ihung

pulas endah
sawah urang
galengan mentang sajarah
jadi tapak cai lemah

ka tonggoh kebon jagong nyiar sono
ngagupayan mangsa lawas
ngagentra anak-anak mahkuta
nusasab ka alam nyaba

bras ka pasir kuring
tangkal kiara ngajungkiring
mieling getih nu garing
sasat saat
karerab katiga jaman


NU DITUNDUNG
Yasana  : Apip Mustopa

basa aranjen cunduk
mawa hate nu kaduruk
salju nu tiis
niba keusik manglapis-lapis

teu make mantel syal atawa naon bae
aranjeun ngalengkah
lengoh
harga diri kaboga pamungkas
geus dirampas ditapel wates
tuluy dileyek tentara yahudi
hareupeun warga dunya
nu ngagungkeun hak azasi

(ari urang
sanggeus ningali dina televisi
tayangan gambar jeung wartana
olohok bari gogodeg:
emh, karunya teuing nya?)


TAMPIAN CIKAHURIPAN
Yasana : Elin Syamsuri

baeu menak bagea sumping !
kapan nya ieu tampian cikahuripan
cinyusu nu juuh ku asih indung
enjing sonten nelengnengkung

kungsi kuring seubeuh teuteuleuman
di dieu : na leuwi kadeudeuh
caina teu orot kahalodoan
langgeng ngagelenggeng di huluwotan

harita duka nu kasabaraha
kuring silanglang dina dampal panangannana
beungeut ramisak ku rumasa
tampian nu ngahuripan malih warni
talangna rengat bareulah
balas kapoe kaibun kuusum


LEUWI BUDAYA SUNDA
Yasana : Hasan Wahyu Antakusumah

Sampurasun,
ngiring aub
neda dikeclakan
ku cikaracak ka-Sundaan
sugan teu tuhur ku katiga
henteu keri ku gogoda

golontorkeun cai rasa
kana wahangan seni
anu wening sarta suci

kokojayan bari teuteuleuman
dina leuwi kabudayaan
silih simbeuh
silih cebor
ku kabinangkitan

lebar temen mun sastra sunda heunteu mekar
tangkal budaya ngarangrangan

jadi ciri
kurang pangraksa
ti para mitra
putra sunda


INDUNG
Yasana : Juniarso Ridwan

Geus cacap naon nu kudu di lakon
geus leber naon nu kudu di cumpon
lalaki awewe geus mencar ngawangun talun
ngababakan ngaroris titipan-titipan

kawasna hirup lain ngabaru deui
da geus dibaladah ku nu tiheula
asal kuat nancebkeun luyu pikeun
hirup waras. Masing-masing miang
nandonkeun pangharepan, estu basajan
lalakon nu kudu dipintonkeun

pangjurung nguntup kana kamampuh
disangkeh kaheman, dirungrum do'a
ulah haripet ku siloka alam
kajeun jadi lunglum kasolehan
dipentes nyalametkeun umat nu kabulusan
kajeun jadi aci kasadaran
tapi nanjeurkeun harkat manusa nu langlayeuseun

bral nyiar jalannurut kana akal
ulah salempang, aya kaasih nu nganteng
nu medal tina kaihlasan sajati

Dicutat ti Juklak Juknis Pekan Seni Pelajar Cianjur Tingkat SD, SMP, dan SMA/SMK Tahun 2008.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar